Bahan Bacaan Kanggo Bacaeun Murangkalih
SMP Negeri 1 Palasah di Lingkungan Kabupaten Majalengka
1.Kampung Dukuh
Kampung Dukuh
Perenahna
di wewengkon Désa Cijambe, Kacamatan Cikelet.
Jarak kampung dukuh ti désa Cijambekurang leuwih
1,5 Km, sedengkeun ti puseur dayeuh kurang leuwih 101 Km.[1] Lega
kampung Dukuh kurang leuwih 1,5 Ha, diwangun luhur 3 bagian atawa wewengkon,
nyaéta 'feDukuh Dina, Dukuh Luar, sarta Astana Karomah.[1] Kampung Dukuh mangrupa salah
sahiji pilemburan tradisional (kampung adat) anu masih ngagem kapercayaan
karuhun, masarakat masih turut kana pamali jeung nasihat karuhun.[1] Diwangun sawatara puluh imah anu
kasusun dina kemiringan taneuh anu bertingkat.[1] Saban tingkatan aya sederetan
imah anu membujur ti kulon ka wétan.[1] Kampung Dukuh mangrupa
wewengkon pilemburan kalayan pola budaya religi anu kuat.[1] Masarakat Kampung Dukuh miboga
cara tempo hirup anu nyoko kana sufisme dina Mazhab Imam Syafii.[1] Landasan budaya kasebut
mangaruhan dina jieunan fisik pilemburan kasebut sarta adat istiadat masarakat
Kampung Dukuh.[1]
Sajarah
Dina abad ka-17,
Rangga Gempol II anu basa harita jadi bupati Sumedang anu harita masih di handapeun
kakawasaan Mataram,
anjeunna ngajukeun paménta sangkan Sultan Mataram nunjuk salah saurang hakim
atawa kapala agama di Sumedang ku sabab nalika éta téh jabatan eukeur kosong ku
sabab hakim saenggeusna tilar dunya.[2] Sultan méré lolongkrang yén
ulah jauh-jauh néangan panggantina lantaran jalma anu bisa ngagantikeuna téh
aya di hiji désa anu aya daérah Pasundan.
Tuluy Rangga Gempol II néangan éta jalma nu dipimaksud Sultan
Mataram, ahirna kapanggih éta jalma téh nyaéta syékh Abdul Jalil pamingpin
hiji pasantrén.[2] Tuluy syékh Abdul Jalil
nyapukan kana éta paménta tapi kalayan aya saratna nyaéta ulah ngarempag syara
saperti ngabunuh, ngarampog, jeung ngalacur.[2] Lamun ngarempag éta syara
anjeunna bakal léngsér dina jabatana.[2] Salila 12 taun sanggeus éta
pengukuhan jabatan téh euweuh anu ngarempag kana éta syara.[2] Nalika syékh Abdul Jalil indit
ka Mekah, Hiji mangsa salah sahiji utusan ti
Banten datang tuluy ménta sangkan Sumedang teu tunduk jeung teu méré upeti ka
Mataram.[2] Ti dinya Rangga Gempol II
kacida rongkah nepi ka nitah Jagasatru ngabunuh ka éta utusan ti Banten.[2] Mayitna dipiceun sangkan teu
kanyahoan ku syékh Abdul Jalil.[2] Najan di sumputkeun éta
kajadian téh, tapi lila kalilaan ahirna kapanggiheun ku syékh Abdul Jalil anu
ahirna anjeunna mundur tina jabatana.[2] Sanggeus kajadian éta syékh
Abdul Jalil téh indit ninggalkeun Sumedang tuluy ngalanglang buana nepi ka
anjeunna ménta pituduh ka Gusti Alloh sangkan dibéré tempat anu pantes pikeun
nenangkeun haté, pikir jeung nyebarkeun agama Islam.[2] Tanggal 12 Mulud nalika syékh
Abdul Jalil nuju tapakur di Tonjong, anjeunna meunang pituduh di langit aya
cahaya sagedé galuguran kawung.[2] Cahaya éta téh ngabelesat tuluy
murag ka hiji tempat di daérah antara walungan Cimangké jeung Cipasarangan.
Daérah éta dicicingan ku Aki jeung nini kebon anu ngarana Candradiwangsa.[2] Aya dua versi carita, anu
kahiji dicaritakeun yén Aki jeung nini éta téh teu panuju kana datangna syékh
Abdul Jalil, aya deui versi nu nyebutkeun yén aki jeung nini éta téh panuju
lamu imah panyicingana (anu ayeuna disebut bumi lebet)dibikeun ka syékh Abdul
Jalil, nini jeung aki téh mulang ka tempat asalna nyaéta yaiyu Cidamar
(Cidaun) Cianjur.[2] Sanggeus kitu syékh Abdul Jalil
téh cicing di éta tempat anu dipercaya jadi turunankampung Dukuh.[2] syékh Abdul Jalil mimiti
nempatan Kampung Dukuh taun 1685.[2]
Etimologi
Kecap Kampung Dukuh asalna tina kecap padukuhan atawa dukuh anu
hartina calik.[2] Jadi kecap padukuhan sarua hartina
jeung pacalikan atawa tempat cicing.[2] Tapi salin ti éta aya ogé anu
ngartikeun dukuh téh hartina teguh, kukuh, patuh jeung tukuh anu miboga makna
kuat, teges, jeung teguh dina mertahankeun naon anu jadi milikna, nyaéta pageuh
pisan kana tradisi warisan ti karuhun.[2] Taun 1901 dipikawanohna kampung
Dukuh nyaéta nalika ngadegna Désa Cijambé.[2]
Ti baheula nepi ka ayeuna, Kampung Dukuh geus tilu kali diduruk.[2] Anu mimiti taun 1949 nyaéta
masa agrési Walanda anu ka-2.[2] Kampung Dukuh, diduruk ku warga
satempat ku sabab sieun beunang ku panjajah.[2] Anu kadua, dina masa ayana pemberontakan
DI/TII.[2] Ngadurukna éta kampung téh
diparéntah ku pamaréntah ku sabab kampung Dukuh taneuhna subur, jadi sieun
bakal di jadikeun basis ku DI/TII.[2]
KAMPUNG
MAHMUD
Kampung mahmud perenehna ditempatna di rw 04 didesa mekarrahayu
dikcematan margaasih, kabupaten Bandung, numutkeun kepercayaan warga satempat,
kampung ieu diwangun ku turunan wali Cirebon, Eyang Abdul Manaf, dina abad ka
-15, anu didirikan ditepi walungan Citarum, mangrupikeun premisansi kangga
Eyang Manaf salami ibadah haji. Anjeunna nyangka negara bakal dijajah kuhiji
bangsa dengeun. Sarantos pasti nalika jaman kolonial Belanda desa ieu sae
dijantenkeun tempat anu paling aman pugi kaayeuna komunitas disakuriling hormat
Eyang Kakung Manak ku mertahankeun kuburana oge. Populasi kirang langkung,
diwangun ku 13,439 urang lalaki sareng 6,600 awewe populasi dibagi kana 2,732
rumah tangga. Secara umum, mata pencaharian masyarakat dikampung mahmud damel
salaku patani, padagang, supir sareng karyawan atanapi swasta. Kaayaan
parmukaan taneuh dikamping mahmud diwangun kulahan sareng sawah, detilna :
tanah perumahan sareng pekarangan sekitar 123,630 ha. 136,925 ha huma sawah,
sareng tanah tatanen garing. Sawah sareng dataran garing sakitar 39,109 ha.
Ningali kaayaan taneuh tiasa ngarios rada subur. Kaayaan pepelan seuer pisan
dina kampungan tiasa nyayogikeun kaperluan warga satempat tanpa kedah nyandak
tiluar.
Kampung Mahmud mangrupa salasahiji kampung
adat nu aya di Kabupatén Bandung, perenahna di RW 4 Désa Mekar Rahayu Kacamatan
Margaasih Kabupatén Bandung Selatan. Kampung Mahmud kawilang stratégis sabab
teu pati jauh jeung Dayeuh Bandung kalawan bisa dijugjug ngagunakeun angkot
jurusan Kampung Mahmud ti Terminal Tegal Lega, ngaliwatan jalur Tegal Lega, By
Pass, Holis, Cigondéwa anu euruen di terminal Kampung Mahmud. Lokasi Kampung
Mahmud padeukeut jeung sisi walungan Citarum. Kampung Mahmud tapel watesna
nyaéta:
1) Belah kalér Désa Rahayu jeung Désa Cigondéwa
2) Belah kidul Désa Pameuntasan jeung Désa Daraulin
3) Belah kulon Désa Nanjung
4) Belah wétan Désa Margahayu
Ciri anu béda ti wewengkon lianna, Kampung
Mahmud miboga daur hirup jeung sistem réligi anu has. Sanajan aya sistem anu
geus kapangaruhan ti luar tapi éta hal masih dina ukuran anu leutik. Ku kituna,
masarakat Kampung Mahmud masih kénéh nyekel sarta ngajaga budaya anu hirup di wewengkonna.
Numutkeun masarakatna, ieu kampung téh
diwangun ku Sembah Éyang Abdul Manaf nu
mangrupa turunan ti wali Cirebon, Syarif Hidayatullah.[1] Ieu
kampung diwangun abad ka 15 Maséhi.[1] Dimimitian
ku Éyang Abdul Manaf nu indit ka Mekah ninggalkeun
lemburna tur dumuk di Mekah dina waktu nu kaitung lilana.[1] Hiji
mangsa Éyang Abdul Manaf ngarasa hayang balik deui ka lemburna, saméméh indit
ninggalkeun Mekah, anjeunna ngadu’a di hiji tempat nu dingaranan Gubah Mahmud deukeut Masjidil Haram.[1] Dina
du’ana anjeunna meredih sangkan bisa balik deui ka lembur nu teu kacicingan ku
penjajah.[1] Sanggeus
nepi di lemburna, anjeunna néangan tempat luyu jeung pituduh nu aya di Gubah
Mahmud tug nepi ka manggih hiji tempat nyaéta di daérah walungan Citarum.[1] Sanggeus
manggih éta tempat, anjeunna ngawangun hiji kampung tina sakeupeul taneuh nu
dibawa ti Gubah Mahmud sarta dibéré ngaran kampung Mahmud luyu jeung asal
taneuh nu dipaké ngawangunna.[1] Salian
ti éta, harti Mahmud di dinya dipercaya miboga harti kampung nu dipuji tur loba
hal nu dipantrangna.[2] Sangkan
ieu kampung teu kapanggih ku penjajah, anjeunna nempatkeun 40 jin pikeun
ngajaga ieu kampung.[2] Tempat
munggaran nu dipaké neundeun éta taneuh dingaranan Masjid Paimbaran.[2]
Dina hal agama nyampak hiji konsép anu utama,
nyaéta patali jeung konsép anu diyakinan (iman) sarta hal naon anu kudu
dipilampah dumasar kana kayakinan (iman) dina éta agama téh. Masarakat Kampung
Mahmud katangen leuwih nyoko kana hal anu diyakinan tibatan kana hal anu kudu
dipilampahna.
Konsép anu kuat ngabalukarkeun masarakat
Kampung Mahmud taat dina hal agamana, contona katitén leuwih ngutamakeun
kahayangna pikeun bisa ngalaksanakeun rukun Islam anu kalima, nyaéta ibadah
haji. Tina éta hal, masarakat Kampung Mahmud loba anu nepi ka ngorbankeun
hartana ngabélaan ngajual tanah jeung sawahna pikeun bisa ngalaksanakeun ibadah
haji. Sabab di Kampung Mahmud aya oriéntasi pikeun jalma anu geus
ngalaksanakeun ibadah haji, éta darajatna leuwih luhur sarta dipihormat ku
saréréa.
Pola kahirupan agama di masarakat Kampung
Mahmud katangen ogé tina hal ngamulyakeun bulan-bulan Islam, misal bulan Mulud,
bulan Romadhon, bulan Muharam, jeung Idul Fitri. Dina miéling poé-poé Islam,
masarakat Kampung Mahmud sok ngayakeun hajat, mangrupa sangu jeung dengeunna,
pikeun disanggakeun ka kolot, dulur-dulur, ogé tatangga. Angot dina Idul Fitri,
jalma-jalma pada-pada mawa rantang anu eusina sangu jeung deungeunna nu
kualitasna leuwih luhur tibatan kadaharan sapopoé, pikeun ditujukeun ka kolot
sarta dulur nu séjénna.
Dina hakékatna, sanajan masarakat Kampung
Mahmud taat dina widang agama Islamna, tapi kapercayaan kana karuhunna masih
keneh napel dina kahirupanna. Konsep kaimanan ka Gusti Nu Maha Suci, guumulung
jeung percaya ka para karuhun. Éta hal mangaruhan masarakat nu aya di saluareun
Kampung Mahmud. Katangen loba nu daratang pikeun ziarah, malah aya nu nepi ka
mondok sababaraha peuting pikeun kapentingan ngadu’a jeung ngucap sukur, sarta
diwuwuhan ku ayana paménta atawa nyambat ka karuhun anu tujuanna pikeun
kasalametan jeung katingtriman.
Makam Karuhun di Kampung
Mahmud
Makom Mahmud mangrupa tempat dimakamkeunana
éyang-éyang (luluhur) kampung Mahmud.[2] Loba
jalma nu ngahajakeun jarah ka ieu makom lantaran dianggap karamat.[2] Biasana
nu jarah lolobana datang nalika bulan Mulud, utamana mah malem Jumaah kliwon.[2] Maranéhna
percaya yén para karuhun bakal datang sarta ngabulkeun sagala nu dipikahayang
ku maranéhanana.[2] Salian
ti éta nu jarah percaya yén kampung Mahmud téh kampung ajaib lantaran tara
kabanjiran sakitu dikurilingan ku walungan Citarum ogé.[2]
Titinggal mangrupa makam karomah di Kampung Mahmud aya di tilu
lokasi, nyaéta:
1) Makam Éyang Abdul Manaf
2) Makam Sembah Eyang Dalem Abdullah Gedug
3) Makam Sembah Agung Zaenal.
Sing saha waé anu baris ziarah ka éta makam,
dirina kudu aya dina kaayaan nu beresih, éstuning kudu boga wudhu, sarta maké
pakéan anu rapih jeung nutupan aurat. Anu baris ziarah bakal diaping ku kuncén
pikeun mingpin du’a, anu satuluyna masrahkeun ka nu ziarah pikeun ngadu’a
sewang-sewangan. Baheula éta makam téh kacida diajénanana, saupamana nu ziarah
rék nincak ka makam karomah sapatu jeung sendalna geus dibuka lebah masjid anu
kawilang rada jauh ti makamna, tapi kaayeunakeun mah sapatu jeung sendal téh
dibuka nalika rék nincak ka wangunan makam karomah.
Masarakat Kampung Mahmud saupama rék ziarah ka
para karuhunna tara dilaksanakeun dina unggal poé jumaah, sabab poé jumaah mah
poé pikeun ibadah. Unggal wangunan makam karomah miboga kuncén anu béda-béda.
Di unggal wangunan geus disadiakeun pikeun wudhu, ngadu’a atawa tafakur nu
ziarah. di antara tilu makam anu aya, makam Eyang Abdul Manaf paling gedé
wangunanana dibanding nu séjén. Di éta makam aya tempat pikeun ngurilingan
makam sarta aya wangunan mangrupa balé pikeun wiridan/ngadu’a.
Refleksi Kahirupan
Masarakat Kampung Mahmud]
Ngeunaan tatacara dina kahirupan masarakat
Kampung Mahmud, boh anu aya patalina jeung adat istiadat atawa jeung kayakinan kana
agama, teu loba nu kapanggih dina hal anu béda jeung masarakat séjén. Salian
teu loba kapangaruhan dunya luar, masarakat Kampung Mahmud ogé tuhu kana ajaran
agama. Éta hal didadasaran ku sajarah anu kuat, sabab baheulana aya tokoh agama
anu kakoncara. Malah nepi ayeuna makamna loba kadatangan jalma anu baris
ziarah, boh masarakat sabudeur atawa masarakat luar. Sistem anu hirup di
masarakat sabudeur nyaéta ajaran agama Islam. Norma-norma kaislaman anu
diangkat sarta dijadikeun tetekon ku masarakat Kampung Mahmud, katitén tina
kahirupan sapopoéna.
Sistem kamasarakatan anu lumaku di masarakat,
umumna miboga sasaruaan jeung masarakat lianna, tapi aya sawatara hal anu jadi
pangbéda di hiji kampung adat. Sistem kamasarakatan anu nyampak di Kampung
Mahmud miboga sawatara hal anu béda jeung masarakat dina umumna di Jawa Barat.
Anu jadi ciri pangbéda di Kampung Mahmud mangrupa hiji hal anu istiméwa. Anapon
kabiasaan anu hirup nu di masarakat Kampung Mahmud sarta can aya nu wani
ngareumpak kana éta tetekon nyaéta teu meunang nyieun imah anu permanén
(ditémbok), teu meunang maké kaca, teu meunang nabeuh goong, teu meunang ngingu
soang, teu meunang nyieun sumur, jeung teu meunang ngingu. Sanajan aya sawatara
hal anu euweuh patalina jeung ajaran Islam, tapi tetep masarakat Kampung Mahmud
ngayakinan kana éta hal dumasar kana istiadat anu lumaku di masarakatna.
Kabiasaan séjénna nyaéta pikeun jalma anu keur
kakandungan jeung orok anu karék dilahirkeun, dina enas-enasna euweuh kabiasaan
anu béda jeung masarakat dina umumna. Pamadegan masarakat di Kampung Mahmud
pikeun hiji kabiasaan, miboga konsép yén salila éta kabiasaan teu pagedrug
jeung ajaran anu diyakinanna éta kabiasaan téh lumrah dilakukeun. Pikeun nu
kakandungan dina umur dua bulan atawa tilu bulan, éta téh can disebut
kakandungan tapi masih kénéh nyiram. Saupama geus liwat ti tilu bulan karék
disebut hamil. Biasana keur anu kakandungan aya adat kabiasaan anu lumaku
saupama umur kakandungan geus nincak kana tujuh bulan. Kabiasaan anu lumaku
pikeun nu tujuh bulanan disebut ogé upacara tingkeban. Upacara tingkeban
biasana dilaksanakeun dina waktu anu geus ditangtukeun nyaéta dina tanggal anu
aya angka 7, di antarana tanggal 7, 17, jeung 27. Lian ti éta biasana waktuna
ogé isuk-isuk nyaéta jam 07.00. Tingkeban hartina nyaéta tutup, anu miboga
ma’na yén ti dinya nepi ka 40 poé sanggeus ngalahirkeun kudu ditutup, teu
meunang dibuka nepi ka waktuna datang. Jadi tingkeban téh minangka
pangéling-éling pikeun salaki pamajikan yén dina waktu éta teu meunang campur
gaul nepi ka 40 poé sanggeus ngalahirkeun.
Upacara nyukuran orok dilaksanakeun saupama
umur orok geus 40 poé. Éta hal disebutna marhabaan, tapi aya ogé anu nyebut
asrakat. Sanggeus tamu karumpul, mitembeyan acara dibuka. Orok dipangku kalawan
dibarengan jeung nu babawaan, di antarana jajambaran anu eusina cai, duit
logam, gunting, jeung perhiasan emas. Anu munggaran ngagunting buuk orok téh
anu dikolotkeun tina sémah anu ngahadiran. Sabada geus bérés nyukuran,
dituluykeun ku acara parasmanan.
Luyu jeung patokan anu jadi dadasar dina
kahirupan masarakat Kampung Mahmud nyaéta Al-Qur’an jeung Sunah Rosul, cara
méré ngaran ka budak anu karék lahir teu leupas tina hal kaislaman. Kabiasaan
méré ngaran dumasar kana hukum palintangan teu pati dipercaya sabab lain
kabiasaan anu lumrah, sok sanajan aya sawatara masarakat anu nyokot dadasar
tina éta hal. Tapi lolobana, masarakat dina méré ngaran orok nu kakara lahir
nyoko kana kaislaman, misal Amin, Zainal, jste. Tapi aya ogé ngaran-ngaran anu
idéntik jeung kasundaan, saperti Dadang, Asép, tapi disatukangeunna ditambahan
ngaran anu aya patalina jeung kasilaman.
Dina hal panganténan di Kampung Mahmud mémang
rada béda jeung daérah nu lianna. Sabab pipanganténeun téh asalna ti éta
kampung, tapi ieu ogé lain mangrupa kabiasaan anu lumrah, ngan dina umumna
saperti kitu. Dina nyorang panganténan saacanna aya waktu pikeun silih wanoh
atawa téténjoan. Tapi éta hal tara lila, sabab pikeun nyingkahan hal-hal anu
teu dipikahayang sarta ngajauhan hal anu pagedrug jeung ajaran Islam.
Nalika lalaki jeung awéwé geus silih kenal
sarta dina waktu anu cukup lila. Biasana ti kulawarga lalaki neundeun omong ka
kulawarga awéwé. Sanggeus kitu kulawarga lalaki indit ngalamar awéwé nu
dipimaksud pikeun mileuleuheung. Saupama ditarima biasana dituluykeun pikeun
nangtukeun tanggal nikah anu geus disapukan ku dua kulawarga.
Dina panganténan teu ngawajibkeun pikeun milih
papacangan nu sarua asalna ti éta kampung, maksudna masarakat bisa néangan
calon ti saluareun kampung adat. Dina milih calon papacangan aya ogé anu
dipangnéangankeun ku kolotna, tapi éta hal lain mangrupa hiji kabiasaan anu
kudu. Dina hakékatna, panganténan didasaran ku pada-pada bogoh lain sabab
pilihan kolot. Anapon adat anu biasa dilakukeun dina panganténan nyaéta
ngeuyeuk seureuh, meuleum harupat, nincak endog, sawér jarang dilakukeun ku
masarakat Kampung Mahmud.
Adat nu lianna nyaéta dina kapapaitan atawa
dina nu maot. Upacara anu dilaksanakeun nalika salah saurang masarakat
kapapaténan téh ku cara mulasara sacara Islam. Dina ieu upacara, aya tata cara
anu dilakukeun pikeun mulasara layon, ngurebkeun, sarta sabada dikurebkeun.
Dina tata cara mulasara layon nu mimiti nyaéta ngamandian layon ku salah
saurang tokoh masarakat, satuluyna dikafanan, tuluy disolatkeun sarta
dikurebkeun dumasar kana aturan Islam. Sabada dikurebkeun, peutingna biasa
diayakeun tahlil nepi ka tujuh poéna. Dina tahlil biasana aya istilah husus
nyaéta tileman atawa poé katiluna, tujuhna nyaéta poé katujuh, matang puluh
nyaéta kaopat puluh, jeung natus atawa poé kasaratus.
Sakumaha anu geus dijelaskeun saacanna,
masarakat di Kampung Mahmud ngabogaan adat kabiasaan (adat istiadat) anu béda
jeung wewengkon séjénna, hususna mah dina hal nyieun imah. Hal ieu
dilantarankeun masarakat Kampung Mahmud miboga dadasar tradisi anu raket patalina
jeung sikep atawa prilaku dina kahirupan sapopoé, ku kituna dina sagala aspék
kahirupan dikaitkeun kana adat istiadat jeung kaperacayaan (sistem religi) anu
dianut jeung dipercaya ku masarakatna. Bentuk imah masarakat Kampung Mahmud
ngabogaan ciri has anu béda ti wewengkon séjén. Aya ogé anu ngabédakeun téh
bisa ditilik tina bahan anu dipaké nyieun imah jeung cara dina nyieun imah.
Cara anu jiga kitu di mumulé pisan ku masarakat Kampung Mahmud, lantaran lamun
nepi ka ngarumpak adat dina ngadegkeun imah, boh dina tata cara nyieun imah boh
dina ngagunakeun bahan pikeun imah bisa jadi mamala pikeun anu nyieun imah
atawa kulawarga anu nyieun imah. Salasahiji conto lamun ngarumpak éta hal bakal
ngabalukarkeun masalah dikulawarga atawa bakal aya musibah anu ngarandapan éta
kulawarga.
Tapi lamun ku urang ditalungtik tina struktur
taneuh anu aya di Kampung Mahmud, mangrupa hiji daérah anu asalna tina ranca
walungan citarum. Ku kituna, masarakat Kampung Mahmud boga kapercayaan teu
meunang nyieun imah anu pageuh, ku sabab kondisi taneuh di daérah éta téh bisa
ngabalukarkeun hiji musibah. Saacanna masarakat di dinya geus ngahubungkeun
jeung mitos anu geus sumebar di daérahna, sakabéh imah anu aya di lingkungan
masarakat Kampung Mahmud mangrupa imah panggung. Ieu hal, dijalankeun ku
masarakat Kampung Mahmud ti mimiti nu ngadegkeun Kampung Mahmud, nyaéta Embah
Dalem Haji Abdul Manaf. Tapi lima taun katukang sesepuh Kampung Mahmud, Bapak
H. Amin rék nyieun wangunan masjid tina témbok (permanén), ngayakeun listrik ka
daérahna, mawa alat éléktronik saperti radio, jeung TV, salian ti éta rék
nyieun sumur ogé jang kahirupan sapopoé.
Tawasul jang karuhun mangrupa hal anu biasa
dilakukeun ku masarakat Kampung Mahmud. Ieu tawasul ogé bisa dilaksanakeun
nalika nyieun imah. Tujuan tawasul téh keur mundut izin jeung berkah ka karuhun
anu geus ngabangun di wewengkon Kampung Mahmud sangkan dibéré kasalametan dina
ngalakonan pagawéanana, ku kituna boh nu digawé boh kulawarga anu bakal
nyicingan imah bakal dibéré berkah jeung kasalametan. Biasana tawasulan
dilaksanakeun di tanah anu rék dibangun imah nalika mimiti mondasi. Tawasulan
dilakukeun ku kulawarga anu rék ngabangun imah. Keluaraga anu rék ngabangun
imah ngondang tatangga disabudeureunana jeung anu digarawé pikeun ngadu’a jeung
munut kasalametan. Tawasulan dipimpin ku sesepuh kampung, bérés ngadu’a, acara
dipungkas ku motong tumpeng babarengan anu disadiakeun ku tuan rumah.
Upacara ritual nalika keur lumangsungna nyieun
imah biasana dina waktu nyieun suhunan imah. Biasana diayakeun jiga upacara
leutik, biasana nyadiakeun tumpeng atawa meuncit hayam. Terus ditambahan ogé
bandéra beureum bodas anu engkena dipasang di tengah-tengah suhunan imah.
Maksudna keur ngamerdékakeun imah téa. Carana, nalika suhunan bakal dipasang
karék ngayakeun tawasulan ku cara meuncit hayam terus getih hayamna di usapkeun
ka sakabéh tiang suhunan. Maranéhna boga kapercayaan ku cara kitu si imah bakal
kuat jeung meuncit hayam dianggap sabagé hal jang ngajauhkeun musibah.
Sanggeus bérés ngabangun imah, diayakeun
upacara deui anu disebut salametan, acara ieu diayakeun ku sabab imah anu
dibangun geus bérés jeung salamet tina hal anu teu dipikahayang. Dina upacara
salametan biasana sok disadiakeun sangu tumpeng jeung kadaharan anu séjénna.
Jalan jeung tata cara upacara salametan sarua jeung tawasulan saacan ngadegkeun
imah. Dina upacara ieu téh dipingpin ku sesepuh atawa kuncén Kampung Mahmud.
Pakasaban masarakat Kampung Mahmud téh nyaéta
tani, dagang, guru ngaji di Pasantrén, jeung mébel (nyieun korsi). Anu mahabu
ayeuna nyaéta kana dagang jeung nyieun korsi. Dagang ku sabab loba sémah anu
datang unggal poé keur ziarah ka makom anu aya di dinya. Ari mébel atawa nyieun
korsi mah ti baheula gé geus dilaksanakeun, malah lolobana bisa dijual ka luar
Bandung jeung luar nagri. Tani ayeuna geus teu loba deui ku sabab dijualan
sawahna, kabita ku pangbibita duit. Aya anu dijual keur dijarieun pabrik jeung
lolobana sawah jeung taneuh keur tani téh dijual keur pangwangunan tol
Pasirkoja. Ieu hal geus jadi bukti yén masarakat Kampung Mahmud geus keuna ku
pangbibita harta, najan aya kénéh anu tani tapi teu saloba jaman baheula saacan
aya pangwangunan pabrik jeung nu séjénna.
Dina ngabangun imah masarakat kudu nataharkeun
heula bahan wangunan saperti kai, awi, jeung bilik. Barang-barang anu dipilih
contona waé kai kudu dipilih sangkan meunang anu kuat, salian ti éta aya ogé
kapercayaan yén kai bakal ngaluarkeun kakuatan magis. Nalika dipaluruh imah anu
aya di Kampung Mahmud wangun imahna manjang atawa suhunanana panjang, ieu hal
disababkeun ku hiji kulawarga anu anggota loba. Lamun ditilik tina legana, imah
anu aya diKampung Mahmud rata-rata gararédé ti mimiti anu leutik ukuran 4X8 m
nepi ka ukuran 10X20 m katambah boga buruan anu lega.
Kabiasaan nyieun imah nu lega jeung gedé geus
mangrupa tradisi masarakat Kampung Mahmud. Imah nu gedé jeung lega bisa méré
kalaluasaan pikeun nu nyicinganana. Sirkulasi hawa ogé alus
jeung jandéla-jandéla dipasang maké ukuran nu proporsional.
Disagédéngeun ti éta, imah ogé kasorot pisan ku panonpoé ku sabab tempat
jandéla nu ngajajar manjang méré rohangan cahaya leuwih loba asupna. Tapi,
buruan ukur di pager ku paseuk-paseuk tina awi, wates buruan nu hiji jeung nu
séjéna padeukeut. Panyawéran ogé bisa dijadikeun salaku wates buruan imah nu
hiji jeung nu séjéna. Wates imah nu kitu, aya dina kelompok imah nu deukeut
jeung kolot, sedengkeun pikeun imah-imah nu aya di luar éta kelompok
diwatesanan ku kebon.
wangunan di Kampung Mahmud miboga ciri has anu
béda jeung imah-imah séjén nyaéta dénah wangunan imah anu bentukna L.
Bentuk hateupna suhunan jolopong (suhunan lempeng atawa hateup pelana) nyaéta
bentuk hateupna aya dua widang. Dua widang hateup ieu dipisahkeun ku leunjeuran
kai lebah tengah wangunan imah. Bentuk hateup suhunan jolopong ieu kaayeunakeun
di Kampung Mahmud loba anu geus diganti ku bentuk hateup juré atawa limasan
(suhunan pondok) boh keur imah ku arsitektur tradisional atawa wangunan anu
permanén.
Ieu wangunan ditilik tina panto hareup imahna,
kasohor ku istilah imah buka pongpok nyaéta imah anu ngabogaan panto arah
asupna sajajar jeung salah sahiji tungtung watang suhunan. Mun dititénan ti
bagian hareup imaha, anu kaciri téh nyaéta widang hateup segitigana.
Salian ti imah keur dicicingan ogé aya wangunan
masjid anu diwangun ku konstruksi imah panggung jeung balé wangunan anyar anu
diwangun kira-kira bulan Agustus 2001, tapi boh konstruksi atawa bentukna
nuturkeun imah anu aya di Kampung Mahmud nyaéta imah panggung jeung dénah anu
bentukna L.
Bahan wangunana lolobana tina awi anu mangrupa
bahan konstruksi imah tradisional, hususna di Kampung Mahmud. Ku ayana
kamekaran jaman, kai ogé bisa dijadikeun bahan pikeun nyieun wangunan, nepi ka
dina pangaweruh tradisional, rupa-rupa kai bisa dianggap ngabogaan kakuatan
goib.
Bahan-bahan kai kudu diperhatikeun dina nyieun
imah. Dina nataharkeun bahan-bahan sok maké hal-hal nu sipatna magis, nyaéta
ngalakukeun tawasulan heula. Nalika nyieun imah, masarakat Kampung Mahmud
nyayagakeun bahan wangunan nu geus pantes, boh dina segi kakuatan boh dina
jenis bahanna, tuluy ditawasulan. Ku ayana tawasulan dipiharep bisa
ngadatangkeun kakuatan magis jeung kakuatan séjéna ti alam goib. Ku sabab, awi
dijieun bahan nyieun imah saméméh kai nu sipatna lentur jeung
kuat. Awi anu pangalusna digunakeun pikeun bagian kontruksi nu sékunder,
saperti bahan usuk, réng atawa bagian awi irateun bahan anyaman. Sacara rinci
mah bahan wangunan anu aya di Kampung Mahmud nyaéta:
1) Hateup
Bagian wangunan imah anu guna pikeun nutupan imah
bagian luhur jeung hateup téh ditutupna kudu ngagunakeun kenténg taneuh.
2) Plafon/lalangit
Plafon/lalangitna dijieun tina anyaman awi (bilik)
3) Tihang
Dijieunna tina kai, keur pondasi tihang digunakeun
batu tatapakan anu jangkungna kira-kira 50 cm.
4) Bilik
Bilikna dijieun tina anyaman awi (bilik), salian
ti dingding bilik digunakeun ogé dingding papan.
5) Jandéla
Panutup jandéla dijieunna tina kai .
Kasenian di Kampung
Mahmud
Patali jeung kahirupan Kampung Adat Mahmud anu
raket pisan jeung religiutas, produk kasenianana ogé tinangtu moal jauh tina
éta kabiasaan. Kasenian anu mekar di ieu kampung téh nyaéta terbang. Ieu
kasenian biasana dipagelarkeun dina raraga miéling poé-poé kaislaman jeung poé
anu dianggap penting dumasar kaparcayaan masarakatna. Terbang miboga udagan
pikeun nepikeun dakwah jeung ajén-ajén para Waliyullah (wali
Alloh). Wangun kasenianana mangrupa adumanis antara musik jeung syair anu
eusina qasidahan atawa pupujian. Alat musik anu dipaké dina terbang nyaéta
dogdog, kecrék, kalayan dominasi tagoni tina sababaraha ukuran. Tinangtu tina
unggal ukuran ngahasilkeun galidengna sora anu has. Pamaén terbang ngahiji dina
beungkeutan grup seni anu kabéhdieunakeun bisa minton dina kariaan masarakat,
saperti khitanan jeung nikahan. Najan eusina dakwah, nuturkeun kamekaran jaman
terbang bisa dipintonkeun minangka hiburan anu Islami.
Pantrangan-pantrangan nu
Aya di Kampung Mahmud
Loba pantrangan nu lumaku di ieu kampung
saperti ulah aya gedong atawa imah nu diwangun tina témbok, teu meunang
aya kaca, bedug, sumur, kenténg jeung goong gedé.[2] Salian
ti éta, di ieu kampung ogé pantrang pisan ngukut soang jeung embé.[2] Kiwari,
éta aturan téh loba dirempak ku masarakat anu lain asli turunan Mahmud
(pendatang), nepi ka loba mamala anu karandapan ku nu wani ngarempak éta
aturan, ti mimiti gering parna nepi ka maotna, ekonomina euweuh kamajuan turta
aya nu nepi ka pirak jeung salaki atawa pamajikanana.[2] Ti
mimiti taun 1985-an,
walungan Citarum geus mimiti kakeunaan ku kokotor ti pabrik, nepi ka cai
walungan téh kotor tur teu bisa dipaké pikeun kahirupan sapopoé, balukarna mah
sumur nu tadina dipantrang aya bisa dijieun di éta kampung.[2] Pikeun
nyieun éta sumur, teu sagawayah kitu waé, tapi kudu meunang heula widi ti para
éyang.[2] ku
lantaran kitu saméméh nyieun éta sumur, para kuncén (sesepuh) di éta kampung
ngalaksanakeun heula tawasul.[2]
Lembur Sabudeureun
Kampung Mahmud
Loba lembur nu aya di sabudeureun kampung
Mahmud ieu, misalna aya nu disebut Balandongan nu mangrupa buruan atawa
panyawéran Mahmud, wates ti Balandongan ka Kampung Mahmud nyaéta Tugu Mahmud.[2] Aya
ogé pameuntasan, lembur nu kaliliwatan nalika meuntas walungan Citarum.[2] Salian
ti éta, di beulah kuloneun kampung Mahmud, aya nu disebut Cigondéwa.[2] Asal
muasal disebut Cigondéwa alatan baheula aya buta anu ngamuk tur teu teurak ku
naon waé, nepi ka aya hiji gondéwa sakti anu bisa ngéléhkeun éta buta.[2] Tapi
aya salah sahiji jamparing nu keuna kana taneuh nepi ka bijil cai tina éta
taneuh. ti saprak harita éta lembur dingaranan Cigondéwa.[2]
Sakumaha anu geus dijelaskeun saacanna,
masarakat di kampung Mahmud ngabogaan adat kabiasaan (adat istiadat) anu béda
jeung wewengkon séjénna, hususna mah dina hal nyieun imah. Hal ieu
dilantarankeun masarakat kampung Mahmud miboga dadasar tradisi anu raket
patalina jeung sikep atawa prilaku dina kahirupan sapopoé, ku kituna dina sagala
aspék kahirupan dikaitkeun kana adat istiadat jeung kaperacayaan (sistem
religi) anu dianut jeung dipercaya ku masarakatna. Bentuk imah masarakat
kampung Mahmud ngabogaan ciri has anu béda ti wewengkon séjén. Aya ogé anu
ngabédakeun téh bisa ditilik tina bahan anu dipaké nyieun imah jeung cara dina
nyieun imah. Cara anu jiga kitu di mumulé pisan ku masarakat kampung Mahmud,
lantaran lamun nepi ka ngarumpak adat dina ngadegkeun imah, boh dina tata cara
nyieun imah boh dina ngagunakeun bahan pikeun imah bisa jadi mamala pikeun anu
nyieun imah atawa keluarga anu nyieun imah. Salasahiji conto lamun ngarumpak
hal éta bakal aya masalah dikuluwarga atawa bakal aya musibah anu ngarandapan
éta keluarga.
Tapi lamun ku urang ditalungtik tina struktur
taneuh anu aya di kampung Mahmud, mangrupa hiji daérah anu asalna tina ranca ti
walungan citarum anu ngurililingan éta wewengkon. Ku kituna masarakat kampung
Mahmud boga kapercayaan teu meunang nyieun imah anu pageuh, ku sabab kondisi
taneuh di daérah éta téh bisa ngabalukarkeun hiji musibah. Saacanna masarakat
di dinya geus ngahubungkeun jeung mitos anu geus sumebar di daérah maranéhna,
sakabéh imah anu aya di lingkungan masarakat kampung Mahmud mangrupa imah
panggung. Hal ieu dijalankeun ku masarakat kampung Mahmud ti mimiti nu
ngadegkeun kampung Mahmud, nyaéta Embah Dalem Haji Abdul Manaf. Tapi lima taun
katukang sesepuh kampung Mahmud, Bapak H. Amin rék nyieun wangunan masjid tina
témbok (permanen), ngasupkeun listrik ka daérahna, ngasupkeun alat éléktronik
saperti radio, jeung TV, salian ti éta ek nyieun sumur ogé jang kahirupan
sapopoé.
Dina ngabangun imah masarakat kudu nataharkeun
heula bahan wangunan saperti kai, awi, jeung bilik. Barang-barang anu dipilih
contona waé kai kudu dipilih sangkan meunang anu kuat, salian ti éta téh aya
ogé kapercayaan yén kai bakal ngaluarkeun kakuatan magis. Nalika dipaluruh imah
anu aya di kampung Mahmud bentuk imahna manjang atawa suhunanana panjang, hal
ieu disababkeun jang hiji kaluarga anu anggota loba. Lamun ditilik tina legana,
imah anu aya dikampung Mahmud rata-rata gararédé ti mimiti anu leutik ukuran
4X8 m nepi ka ukuran 10X20 m katambah boga buruan anu lega.
Tawasul jang karuhun mangrupa hal anu geus
biasa dilakukeun ku masarakat kampung Mahmud. Tawasul ieu ogé bisa dilaksanakeun
nalika nyieun imah. Tujuan tawasul ieu munut izin jeung berkah ka karuhun anu
geus ngabangun di wewengkon kampung Mahmud sangkan dibéré kasalametan dina
ngalakonan pagawéanana, ku kituna boh nu digawé boh keluarga anu bakal
nyicingan imah bakal dibéré berkah jeung kasalamtéhn.
Biasana tawasulan dilaksanakeun di tanah anu
rék dibangun imah nalika mimiti mondasi. Tawasulan dilakukeun ku keluaraga anu
rék ngabangun imah. Keluaraga anu rék ngabangun imah ngondang tatangga
disabudeureunana jeung anu digarawé pikeun ngado’a jeung munut kasalametan.
Tawasulan dipimpin ku sesepuh kampung, bérés ngado’a, acara dipungkas ku motong
tumpeng babarengan anu disadiakeun ku tuan rumah.
Upacara ritual nalika keur lumangsungna nyieun
imah biasana dina waktu nyieun suhunan imah. Biasana diayakeun jiga upacara
leutik, biasana nyadiakeun tumpeng atawa meuncit hayam. Terus ditambahan ogé
bandéra beureum bodas anu engkena dipasang di tengah-tengah suhunan imah.
Maksudna nyaéta jang ngamerdekakeun imah téa. Carana nyaéta nalika suhunan
bakal dipasang karék ngayakeun tawasulan ku cara meuncit hayam terus getih
hayamna di usapkeun ka sakabéh tiang suhunan. Maranéhna boga kapercayaan ku
cara kitu si imah bakal kuat jeung meuncit hayam dianggap sabagé hal jang
ngajauhkeun musibah.
Sanggeus bérés ngabangun imah, diayakeun
upacara deui anu disebut salametan, acara ieu diayakeun ku sabab imah anu
dibangun geus bérés jeung salamet tina hal anu teu dipikahayang. Dina upacara
salametan biasana sok disadiakeun sangu tumpeng jeung kadaharan anu séjénna.
Jalan jeung tata cara upacara salametan sarua jeung tawasulan saacan ngadegkeun
imah. Dina upacara ieu téh dipingpin ku sesepuh atawa kuncén kampung Mahmud.
Robahna cara hirup masarakat
Sacara umum pantrangan dikelompokeun kana
lingkup adat istiadat, ngan salian ngabogaan sipat-sipat anu leuwih husus jeung
leuwih cocog lamun diasupkeun kana sistem kapercayaan. Tabu anu artina hiji
usaha pikeun ngajauhan hiji hal anu rék dipilampah, sabab lamun nepi ka
dipilampah bakal ngabalukarkeun hal anu kurang alus. Pantrangan mangrupa hukum
sosial anu dipaksakeun sacara sakral, sarta ngabogaan sangsi dina kahirupan
masarakat pikeun saha waé anu ngarumpakna. Sangkan pantrangan angger dipaké, ku
kituna kudu aya anu di pikahormat jeung dihargaan ku sakabéh masarakat salaku
anu nyepeng otoritas. Dikampung Mahmud anu nyekel otoritas téh sesepuh kampung
atawa kuncén. Ku kituna pantrangan mangrupa salasahiji sistem religi anu
asalana tina sistem kapercayaan masarakat.
Dina pasualan anu mangrupa pantrangan, kampung
Mahmud ngabogaan hiji hal anu istiméwa jeung béda ti daérah sejen. Nurutkeun
informan, hal ieu teu dikaitkeun jeung ajaran agama, tapi dikaitkeun jeung
ucapan anu pernah diucapkeun ku luluhurna baheula, nyaéta Eyang Abdul Manaf.
Tina omonganana aya anu asup akal aya ogé anu teu asup akal. Aya ogé sababaraha
pantrangan anu husus jang kampung Mahmud dianatarana waé ny éta teu meunang
nyieun imah tina témbok, teu meunang nyieun imah maké kaca, teu meunang nabeuh
goong, teu meunang ngukut soang, jeung teu meunang nyieun sumur.
Pantrangan kahiji,kadua,jeung kalima teu
ngabogaan kasang tukang. Aya ogé pantrangan anu katilu jeung kaopat ngabogaan
kasang tukang yén baheula dikampung Mahmud jadi panyumputan Walanda, ku kituna
tempat ieu kudu jauh tinu ramé. Lamun nabeuh goong jeung ngukut soang bisa
ngaganggu. Ku ayana larangan kitu, kampung Mahmud can pernah kadatangan ku nu
ngajajah.
Nepi ka ayeuna amanat anu mangrupa pantrangan
ti leluhur dicepeng pisan ku masarakatna. Maranéhna teu wani ngarumpak kabéh
aturan jeung pantrangan. Kabuktian tina imah-imahna euweuh anu ditémbok jeung
maké kaca, teu ngukut soang, jeung teu pernah nabeuh goong gedé, boh anu
mangrupa kasenian degung atawa wayang golék boh anu heunteu ngandung unsure
kasenian. Cenah lamun nepi aya anu ngarumpak bakal aya musibah anu ngarandapan
masarakat kampung Mahmud. Komo deui saacan taun 1960an barang éléktronik jiga
radio jeung tv teu pernah asup. Pernah kajadian nalika ngahurungkeun radio, éta
radio téh kalah jadi ancur.
Dina taun 1987, Haji Amin (Alm), nyobaan
nyieun masjid tina témbok jeung maké kaca. Saacanna manéhna puasa heula jeung
ngadoa salila 40 poé, munut izin ka karuhun. Ku kituna ngabangun masjid lancar
jeung keluarga nagé teu ngalaman musibah nanaon. Tapi jang imah pribadi manéhna
teu wani ngarumpak amanat karuhun.
Hiji hal anu nyieun anéh masarakat séjén,
pamaréntah, jeung ilmuwan nyaéta nalika walungan Citarum banjir gedé anu
ngeueum sababaraha wewemgkon wilayah, kampung Mahmud mah teu keuna ku banjir.
Padahal lamun ditilik tina posisi daérah jeung luhurna dataran, kampung Mahmud
geus pasti kakeueum banjir
3.
Kampung
Pulo: Sintesa Sunda-Islam
Kampung Adat Pulo Situ Cangkuang
Leles-Garut. DITENGAH situ cangkuang aya pulau anu terkenal ku dua perkara:
nukahiji Candi Cangkuang, nyaeta salah sahiji candi nu aya dikabupaten Garut,
candi etateh bukti paninggalan budaya Hindu-Budha jaman Tarumanagara. Jeung anu
kadua nyaeta kampung adat Pulo anu langkung terkenal ku panglandi Kampung Pulo.
Ieu kampungteh salah sahiji kampung adat nuaya di kabupaten Garut.
Di kampung adat eta ngan aya
gènèp suhunan katambah hiji tajug (masjid). Numana sakabeh imah nyinghareup ka
tajug. Pangeusi nu aya dikampung adat Pulo ayeuna kurang leuwih 23 jelema,
salah sahijina kokolot kampung. Anu jadi perhatian tulisan kuring ayeuna nyaeta
system katurunan jeung kapamilikan di eta kampung nu aya ditengah situ
cangkuang. Jadi menarik keur diguarkeun kumargi dihiji sisi kampung
etateh ngageugeuh pageuh kana budaya sunda, tapi disisi lain geus pacampur
jeung budaya Islam. Lamun nyukcruk kana tradisi Islam, biasana kapamilikan
jeung katurunan leuwih condong ka lalaki tina harti Patrilineal. Contona tina
masalah milih pamimpin atawa tina waris ku penganut mainstream Islam
leuwih ngutamakeun ka lalaki. Ieu wajar lantran tina teks ajarana (Al-Quran)
lamun diartikeun langsung teges yen lalaki kudu jadi pamimpin pikeun awewe.
Lamun ninggali kana tradisi Sunda, system kakaluargaana nyaeta Matrilineal:
leuwih condong ka awewe. Lamun tina agama bisa dicukcrukna ka teks suci,
saperti mun di Islam bisa ninggali kana Al-Quran jeung Hadist. Tapi lamun tina
budaya anu awalna leupas ti agama, eta bisa ditingali tina folklore,
nyaeta carita-carita rahayat. Carita rahayat orang sunda leuwih ngawangun kana
kaindungan ieu bisa di tinggali tina mitos orang sunda atawa carita rahayatna
nyaeta anu ngautamakeun dewi sri, trus lamun di udag ka luhurna nyaeta ka sunan
ambu. Duanana eta ngawujud awewe atawa istri (dalam bahasa sunda istri berarti
perempuan). Mitos oge mangrupi bagian tina carita, kumargi upami teu aya carita
mitos moal aya. lamun mitos tina hiji budaya makin alus, eta cirining budayana
geus maju.
Balik deui ka Kampung Pulo, di
kampung pulo sok sawios atos islam tapi sabagian cara-cara atawa adat tina
waris masih ngagunakeun sistim sunda, ieu bisa di tinggali tina sistim warisna.
Dikampung adat eta anu meunang waris sacara gamblang nyaeta awewe. Sapertos:
lamun indungna maot, tanah jeung sajabana jadi hak milik anak awewe. Anak
lalaki teu kabagean nanaon, lantaran bisa neangan kahuripan di luar kampung
adat eta. Upami lalaki nikah ka luar warga kampung adat pulo, lalaki eta kudu
nuturkeun pamajikanana. Tinu masalah diluhur urang bisa ninggali sajauh mana
akulturasi dikampung adat pulo.
Anu kahirupan sapopoena taat
ngajalankeun ibadah, katambah aya hiji makam atawa kuburan anu cenah nyebarkeun
ajaran islam di eta kampung, nyaeta Hasan Arip, anu ku warga kampung pulo
dilandi alm. Mama hasan. tapi ditinggal di sisi lain, warga eta kampung masih
nyeukeul pageuh ajaran budayana. Kumargi budaya mangrupi salah sawios alat anu
bisa ngarakétkeun naon anu diamanatkeun ku karuhun jeung sangkan hirup langkung
hade. Nujadi masalah kiwari nyaeta kumaha carana sangkan akulturasi sunda-islam
di kampung adat pulo masih karawat. Saenggeus situ cangkuang ku pamarenatah
kabupaten garus dijieun salah sahiji obyek wisata, aya sababaraha hiji
perubahan di warga kampung adat pulo.
Wargana nu biasa tatanen jeung
ngala lauk di sekitar wilayah situ cangkuang, ayeuna sok sabari dagang di
daerah situ eta keneh. Efek tinu eta anu katinggali jelas nyaeta tina cara
ngomong barudak leutik jeung babaya kampung pulo kiwari. Geus mimitian leungit
panta-panta basa, numana basa keur ka kolot, sapantar jeung sahandapeun,
bahasana geus sarua bae ayeunamah. Padahal anu siga spele eta gede pisan
manfaat keur ngajaga etika hirup sapopoe, leuwih jauhna deui adat istiadat
jeung budayana. Lamun diudag ku filsafat bahasa, saleresna tina bahasateh
ngandung struktur logika jeung budayana nyalira. Struktur eta ek sadar atawa
teu sadar mangrupi bagian tina salah sahiji budaya, jeung sakabeh rahayatna
makè kana hal eta. Saleresna moal aya hiji budaya oge anu
teu berakulturasi jeung budaya lain, tapi upami kudu tepi kaleungit
bagian budaya anu alusna, berarti eta budaya geus lain akulturasi deui, tapi
hegemoni budaya. Bahasa anu adiluhung ayeunamah geus teu aya hartosna deui,
kumargi emang tos teu jelas batasan-batasan etis tina eta bahasana. Meureun eta
anu kajadian di kampung adat pulo. Lamun ayeuna geus katenjo siga kitu rek
kumaha pikarepueun kampung adat pulo kahareupna. Lamun sanyatana budaya kampung
pulo masih gede manfaatna, naha jeung kudu ditinggalkeun atawa dileungitkeun,
sok sawios eta nembe tina bahasa atawa obrolan sapopoe warga kampung. Meureun
eta oge masalah orang sunda kiwari, salain faktor eksternal siga tontonan jeung
pergaulan, faktor tijerona nyaeta geus kurang ngarasa miboga kana kasundaana,
buktina mirif jeung kampung adat pulo, sabagian orang sunda geus embung maké
bahasa sunda atawa bahasa loma tina kahirupan sapopoena.
Di sadur ti :
su. Wikipedia.org/wiki : 2019
Sundanese19.blogspot.com :
2019